Minggu, 07 Juni 2015

Gusti ... ari abdi saha, ker naon abdi kumelendang dialam dunya..? bimbing abdi supados tiasa ngabuka rahasia-rahasia kalam-kalam gusti.. hirup puluhan taun ngagugulung katerangan, bari jeung ukur nyampe di kalimah.. jauh gusti abdi ti ngarti.. hirup pabeulit ukur ngagugulung dunya ~ cape..... kumaha ieu ngajawantahkeun "man arofa nafsahu arofa robbahu".. kumaha ieu carana meper nafsu anu terus ngagelung di jero kalbu.. abdi terang yen sagala nu dipiboga mung gusti anu ngagaduhan.. tapi lobanamah abdo akon-akon ngarasa sagala nu sorangan ~ kenging sorangan... hapunten abdi gusti....hapunten.... gusti... rebu nuhun laksa kabingahan kana sadaya nikmat nu dipaparin... tapi abdi loba ingkar.... diri loba rasa jumawa ~ asa loba pangarti tur pangabisa... padahal ukur kabobodo ku angkara..... deui-deui kabobodo ku dunya... mung gusti anu kawasa ~ mung gusti anu maha...maha sagalan gusti... hirup ngadukduk diajar di pasanteren ~ disakolakeun kuu kolot ~ diajar tialam ~ loba maca tur ngapalkeun qur'an jeng hadis ~ geuning sampe ayeuna makna tur eusi taudz jeng basmalah oge can ngarti.... masih lloba kasieun ku kahirupan dunya.. sieun lamun isukan teu dahar, sieun lamun anak-rubiah teu ka bandaan.. loba kahayang ~ geus ieu hayang itu ~ geus hiji hayang dua ~ kahariwang sajatina ngagantel sajeronig kalbua, padahal abdi apal sagala dijamin ku gusti.. tiap waktu ukur nyeieuna dosa, nyimpang tina tali catang.. gusti... hampura abdi...hampura abdi.. "Allahuma isdinashirothol mustaqim ~ shirotol ladzina an'amta 'alaihim walaa dholin"
Next
This is the most recent post.
Previous
Posting Lama

0 komentar:

Posting Komentar